الله
اكبر 9
لااله الا الله والله اكبر الله اكبر ولله الحمد
الحمد
لله الذي هدانا على طريقه المستقيم
وجعل عيدا ضيافة للانام وامررنا باالتضحية والتزكية والحج والعمرة التي
تكون سببا للنظر على وجهه الكريم واشهد ان لااله الاالله وحده لا شريك له شهادة
توصلنا الى جنة النعيم واشهد ان سيدنا محمدا عبده ورسوله لعلى خلق عظيم والصلاة
والسلام على سيدنا محمد وعلى اله وصحبه الكرام
اما
بعد
ايهاالحاضرون
اتقواالله حق تقاته مااستطعتم حيثما كنتم . اعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم
قال
يابني اني ارى في المنام أني اذبحك فانظر ماذا ترى قال ياابت افعل ماتؤمر ستجدوني
انشاء الله من الصابرين
بسم
الله الرحمن الرحيم
لن
ينال الله لحومها ولادماءها ولكن يناله التقوى منكم كذالك سخرها لكم لتكبر الله
على ما هداكم وبشر المحسنين
بسم
الله الرحمن الرحيم
ولله
على الناس حج البيت من استطاع اليه سبيلا
Allahu Akbar . Allahu Akbar. Allahu Akbar Walillahil hamdu
Kalayan pitulung anu agung, kalayan inayah Allah anu Maha
kawasa, Alhamdulillah Yuswa urang dugi deui kana ieu dinten. Dinten Idil Adha
tahun ………………. Hijriyah
Sakumna kaum muslimin anu leres – leres imana ka gusti nu
Maha suci, ka Allah Rabbul ijjati emutan nana dina ieu sasih dzul hijjah
terpusat kana amaliyah anu biasa dilaksanakeun dina eta sasih, sapertos sahum ti kaping hiji tug
dugika kaping salapan, terutami dina Yaumut Tarwiyyah sareng dina Yaumu Arofah.
Anu pahalana kalintang ageungna , Takbir ti kawit subuh Yaumu Arofah dugika
ashar akhir dinten tasyriq, shlat Idul Adha anu kautamian nana langkung tinimang
sholat idul fithri .margi parantos terantum dina alquran sakumaha dawuhan Allah
SWT :
فصل
لربك وانحر
Maka kudu sholat lebaran idul adha anjeun karena Allah, sareng kedah mencit qurban anjeun.
Hadirin….
Idul Adha disebat idul akbar. Hukum sholat id , baik
sholat idul fithri maupun sholat idul Adha , imam syafei berdasarkeun riwayat
imam bukhori muslim nganyatakeun bahwa
selain sholat anu lima waktu hukumna sunnat, namun sunatna sunnat muakad nyaeta
sunat anu kedah dilaksanakeun ku sakumna kaum muslimin.
وقيل
انها فرض كفاية لانها من شعائرالاسلام
فتركها تهاون في الدين
Menurut sapalih ulama hukumna fardu kifayah margi eta
solat I’d teh satengah tina syiar agama maka upami hante midamel eta solat
berarti eta jalma ngalalaworakeun kana agama islam.
Nyakitu deui jalmi
nu beriman kiwari emutan nana terpusat kana qurban sinareng ibadah haji
Allahu Akbar . Allahu Akbar. Allahu Akbar Walillahil hamdu
Jalmi anu rajin ngumandangkeun takbir tahmid sinareung
tahlil dina weungian I’d bakal mibanda akhlak anu mulya ngarti kana dirina,
sadar kana kaayaan nana rehna manusa mah henteu daya hente upaya mung Allah anu
kagungan sifat
العزيز
الجبار المتكبر الخالق البارئ
المصور الغفار القهار
bakal resep madep ka zat anu maha kawasa betah ibadah ka
allah swt anu maha bijaksana anu welas asih ka abdina kalayan ikhlas
lillahita’ala
Kalayan takbir jalmi bakal kengeng pitulung ti anu agung
pangraksa ti anu maha kawasa moal kagembang ku syetan moal kagoda ku anu
durhaka moal kabawa sakaba kaba margi tos ma’rifat kapangeran nana istiqomah
dina kahirupan nana
Allahu Akbar . Allahu Akbar. Allahu Akbar Walillahil hamdu
Disamping seueur jalmi anu tertimpa musibah, disaat jalmi
bingung akan perekonomian anu semakin tidak menentu, kiwari oge seueur jalmi
anu nuju kagunturan madu kacaahan gula tiasa jadi tamu na Allah jiarah ka tanah suciو ibadah
haji ditanah mekkah almukaramah, solat arba’in di madinah almunawarah,solat
berjamaah dimasjidil haram anu nilai na langkung ageng tinimang solat dimasjid
anu sanes na.
Dina hadist anu diriwayatkeun ku ibnu juber radiallah anhu, kanjeung rasulullah saw ngadawuh:
Saurna
sakali solat dimasjid kaula langkung afdol tinimang solat sarebu kali dimasjid
anu sanes na kecuali dimasjidil haram, sabab sakali solat dimasjidil haram
langkung afdol tinimang sarebu kali sholat dimasjid kaula.
Satiap
ibadah ditanah suci, tegesna ditanah haram dibales kalawan saratus rebu kasaean
, sawangsulna upami midamel kaawonan ditanah suci atanapi ditanah haram balesan
nana oge bakal dilipat gandakeun.
Hadirin
Ibadah
haji mangrupakeun penyempurnaan tina opat pilar agama anu diwajibkeun Allah ka
urang sadayana, ieu sadayana tiasa
ditingali tina ibadah-ibadah anu
mangrupakeun rukun Islam,
diantawisna syahadat, syahadat mangrupakeun
ibadah hate karena syahadat
mangrupakeun kayakinan dasar anu saterasna dilafazkeun kalayan lisan , sementara sholat nyaeta gerakan jasad,
sholat mangrupakeun ibadah badani,
sasanes ti eta puasa, puasa mangrupakeun
sikap ngeker diri, nyakitu deui
zakat, zakat mangrupakeun ibadah hartawi, maka sempurnalah ketika umat
islam bisa menunaikan pilar anu ka lima dalam islam tegesna ngalaksanakeun
ibadah haji, sabab ibadah haji mangrupakeun penggabungan dari semua sisi tina opat ibadah anu tadi disebatkeun. Dari sinilah,
maka haji termasuk ibadah anu terakhir diwajibkeun ka kaum Muslimin nyaeta dina
tahun ka 9 Hijriyah. Hal ieu karena ibadah haji memerlukan segala perkara anu diperlukeun
ku opat rukun sateuacanna. Ibadah haji
merlukeun landasan iman anu tertanam dina syahadat, ibadah haji merlukeun tenaga jasmani jeung harta anu aya dina shalat
jeung zakat, nyakitu deui ibadah haji
oge merlukeun sikap ngeker diri saperti
halna terkandung dina puasa .
فَمَنْ فَرَضَ فِيهِنَّ الْحَجَّ فَلاَ
رَفَثَ وَلاَ فُسُوقَ وَلاَ جِدَالَ فِي الْحَجِّ
“maka sing saha jalma anu netepkeun
niatna dina bulan eta arek ngalaksanakeun haji, maka teu menang jima
, fasik sarta ngalanggar aturan salami
ngalaksanakeun haji.” (Al-Baqarah: 197).
Allahu Akbar . Allahu Akbar. Allahu Akbar Walillahil hamdu
Betapa
pengorbanan sareng perjuangan jalmi anu ngalaksanakeun ibadah haji, sehingga
Rosulullah SAW, nempatkeun pahala jalmi anu ngalaksanakeun ibadah haji kalayan
didasari karena Alah SWT sami sareng jalmi anu ngalaksankeun jihad fi
sabilillah
أَنَّ رَسُوْلَ الله صلى الله عليه وسلم
سُئِلَ: أَيُّ الْعَمَلِ أَفْضَلُ؟ فَقَالَ: إِيْمَانٌ بلله وَرَسُوْلِهِ. قِيْلَ:
ثُمَّ مَاذَا؟ قَالَ: الْجِهَادُ فِي سَبِيْلِ الله. قِيْلَ: ثُمَّ مَاذَا؟ قَالَ:
حَجٌّ مَبْرُوْرٌ.
“saenya enyana Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam
ditanya tentang amal, amal naon paling
utama? Rosul ngawaler, “Iman ka Allah jeung Rasul na, mantenna ditaros deui, “teras naon ?” rosul
ngawaler “Jihad di jalan Allah.” Rosul
oge di taros , “teras naon ?” rosul ngawaler , “Haji mabrur.” (HR. al-Bukhari, Mukhtashar Shahih al-Bukhari, no.
25).
Hadirin
haji mabrur teu
aya balesan kecuali syurga sebab kangge meraih haji mabrur diperlukeun jihad kangge ngalawan
kacintaan kana harta supaya jiwa rela jeung lapang ngorbankeun nana Dibutuhkeun jihad kangge
ngalawan kacintaan kana sikap santai jeung rehat, sabab haji memang ibadah anu cape ,
baik cape perjalanan maupun cape dina
ngalaksanakeun nana
saking ageung pahalana Numawi pantes allah swt nyebat
dina alqur’an lapad jihad kirang langkung 52x, anu dimaksad jihad nyaeta
midamel sagala rupi kalayan sungguh sungguh menghabiskan semua potensi
ngeurahkeun sagala kakuatan anu kalintang meryogikeun kana pengorbanan,
Kanjeung nabi Ibrahim sareng siti hajar wantun
ngorbankeun putrana dina waktos kaayaan eta murangkalih lucu nembe tiasa mapah,
anu dina waktos harita putrana nembe hiji bari kalintang dipikahoyong na,langkung
ironis deui nabi ismail anu masih keneh alit dipasihan irhas ku Allah kersa
ngorbankeun dirina demi ngalaksanakeun tugas ti gusti nu maha suci.
Dina riwayat dicarioskeun, waktos nabi Ibrahim
nyarioskeun impenan nana ti Allah ka anu janten putrana, yen mantenna kedah
mencit buah hatina , tegesna mencit Nabi
ismail , eta murang kalih anu masih keneh alit nyarios saurna hey mama mangga
gera pidameul ku mama, insya Allah mama bakal mendakan kaabdi, sarta bakal kauninga
ku mama rehna abdi teh termasuk jalmi anu sabar,
Namun sateacan na, kanjeung nabi ismail wasiat kanu janten rama na, anu unggelna:
1. Talian panangan abdi ku mama
kalayan tambang anu kuat, bilih abdi gugurubugan kena ka mama, engkin mama tangtos nyeri
2. Kedengkeun pamenteu abdi kana
taneuh supaya mama ulah ningali kana pameunteu abdi, margi upami mama ninggali
pamenteu abdi, mama engke nyaah kaabdi anu akhirna hanteu janten mencit abdi.
3. Tahan acuk abdi ulah dugika
kakecretan ku geutih bilih kirang pahala na sareng bilih katingali ku ibu.
4. Namun acukmah pasihkeun kaibu
supados jadi peringatan
5. Saurkeun ka ibu kedah sabar
ibu demi ngalaksanakeun parentah allah
6. Ulah dicarioskeun kaibu cara
mencit sareng cara nalian panangan abdi
7. Kade ulah aya murang kalih
anu leubeut ka bumi. bilih kasedih ibu
timbul deui
8. Upami aya murangkalih ulah teras
ditingali supaya mama hanteu hanjakal sareng hente sedih
9. Bedog Anu diango mencitna
sing seukeut supaya enggal ngaliwatkeun kana beuheung abdi sarta supaya gampil margi
ari maot teh kalintang nyerina.
Singkat carita eta
bedog digereslkeun kana beheung nabi ismail tapi kerasaning gusti nu maha suci
eta badog hente terak. sangkian nabi
Ibrahim eta bedog teh mintul teras ku mantenna dicobi dikadekeun kana batu. eta batu belah saking eta bedog teh seukeut
kacida.
Kalayan kakawasaan Allah, eta bedog nyarios : “ saur anjeun Ibrahim abdi
kedah tiasa mencit ismail , tapi Allah miwarang abdi ulah terak , piraku abdi
kedah nurut kaanjeun bari maksiat ka allah” akhirna anu dipeuncit teh geuning
sanes nabi ismail, tapi Allah ngagentosna ku domba, nyaeta domba anu diangkat ti surga anu pernah dikurbankuen ku habil
putrana kanjeung nabi adam As, anu kurban na ditampi ku Allah, eta domba
disimpen disurga teras dihirupkeun deui ku Allah . Menurut sapalih katerangan
Eta domba teh kalintang ageung pisan,
Hikmahna pikeun urang sadaya papatah ti gusti anu maha
suci rehna urang kedah berani berkorban demi kepentingan agama sampai titik
darah yang terkahir sareng sing yakin satiap anu dikorbankeun kuurang moal
matak nyilakakeun kaurang malah bakal digentos ku allah kalawan kasaean,
dibales kalawan pahala anu kalintang ageung na, moal matak rugi, upami teu karaos
didunya insya Allah bakal karaos engke di alam baqa
Allahu Akbar . Allahu Akbar. Allahu Akbar Walillahil hamdu
Kalawan meuncit hayawan kurban allah ngadidik kaurang
supaya aya kapedulian ka jalmi anu butuh kapakir miskin atanapi ka kaum du’afa
Bangsa jeung Negara moal kuat,moal beres upami eta Negara
hente dibantos ku kaum du’afa,para pamimpin gajihna ageung, etateh diantawisna
jasa para dua’fa
Para pengusaha gaduh bati teriliunan, etateh jasa para
dua’fa rela di dameulkeun sanaos gajih
na alit, jalma jalma kabeungharan nana bertambah hartana terpelihara margi dijaga
dibantos ku kaum dua’fa numawi pantes kanjeung rasul ngadawuh anu unggel na:
انما
تنصر هذه الامة بضعفاعهم
Pastina ieu umat kengeng pertulungan disebabkeun jasa
para dua’fa sareng jasa kaum anu lemah
Kang jeng rosul oge ngadawuh :
ليس
بمسلم من بات سبعا وجاره جائع
Hente sampurna jadi muslim upami maneh na sare bari wareg
sedengkeun tatanggana nuju aya dina kalaparan.
Mudah mudahan urang sadayana tiasa ngemban amanat ti Allah
swt, aya dina ridha na Allah, sarta
salamina di wuwuhan rahmat ku allah dijaga dijaring salamet tina balahi dunya
nyakitu deui balahi aklhirat.
تقبل الله منا ومنكم احياكم الله كل عام وانتم بخير
بارك الله لي ولكم
0 Response to "HUTBAH IDUL ADHA KOMPLIT"
Post a Comment